B. Daerah

Pertanyaan

kecap kecap anu murwakanti dina kawih sabilulungan

1 Jawaban

  • Kawih mangrupakeun lalaguan Sunda bebas anu henteu pati kaiket ku aturan. Rumpaka kawih henteu siga tembang anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan anu aya dina pupuh disebut guru lagu jeung guru wilangan. Sanajan rumpaka kawih henteu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, dina nyieun rumpaka kawih aya sababara unsur anu kudu diperhatikeun sangkan rumpaka kawih alus tur endah. Salahsahiji unsur anu dimaksud nyaeta unsur purwakanti.

    Purwakanti nyaeta padeukeutna sora engang tungtung anu aya dina kekecapan rumpaka puisi, saperti kawih. Aya dua rupa purwakanti, nyaeta anu disebut purwakanti rantayan jeung purwakanti runtuyan. Purwakanti rantayan nyaeta padeukeutna sora antar kekecapan anu aya dina hiji jajar atawa padalisan. Sedengkeun purwakanti runtuyan nyaeta padeukeutna sora antar kekecapan anu aya dina antar padalisan.

    Di handap ieu nyaeta rumpaka kawih Sabilulungan. Dina kawih sabilulungan aya purwakanti rantanyan jeung purwakanti runtuyan, atawa bisa disebut oge yen dina kawih Sabilulungan aya kekecapan anu murwakanti rantayan jeung murwakanti runtuyan.

    Sabilulungan

    Sabilulungan, urang gotong-royong
    Sabilulungan, urang silih rojong
    Sabilulungan, genteng ulah potong
    Sabilulungan, persatuan tembong

    Tohaga, rohaka,
    Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
    Satia, sajiwa,
    Rempug jukung ngabasmi pasalingsingan.

    Kekecapan anu murwakanti rantayan aya dina pada atawa bait ka dua, nyaeta antara kecap tohaga jeung kecap rohaka, sarta antara kecap satia jeung kecap sajiwa. Sedengkeun kekecapan anu murwakanti runtuyan aya dina pada kahiji, nyaeta antara kecap-kecap gotong-royong, silih-rojong, ulah potong, jeung persatuan tembong.

Pertanyaan Lainnya