Tolong Bantu !!! Dengan menggunakan Bahasa Sunda Fungsi dari : a. Dasi b. Ember c. Saku
Pertanyaan
Dengan menggunakan Bahasa Sunda
Fungsi dari :
a. Dasi
b. Ember
c. Saku
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : - (SD)
Pembahasan :
Dina basa Sunda kecap dasi, ember jeung saku mangrupa kecap serepan nu asalna tina basa Walanda. Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu mangrupa kecap serepan nu asalna tina basa sejen, boh tina basa daerah boh tina basa asing, saperti basa Jawa, basa Arab jeung basa Walanda. Di handap ieu nyaeta fungsi tina dasi, ember jeung saku:
a. Dasi nyaeta pamantes anu diiketkeun kana beuheung, boh lalaki boh awewe, sangkan pakean anu dipake kacirina leuwih rapih. Sanajan umumna dasi sok digunakeun ku lalaki, kadang aya oge awewe anu make dasi.
b. Ember nyaeta tempat atawa wadah pikeun neundeun atawa nandean cai. Ember biasa ditempakeun di kamar mandi. Ember oge biasa digunakeun pikeun nyeuseuh baju atawa pakean sejenna.
c. Saku nyaeta bagean nu aya dina baju atawa calana anu fungsina nyaeta pikeun nyimpen duit, sapu tangan, karcis parkir atawa barang sejenna anu saukuran jeung perlu dibawa dina indit-inditan.
Dina basa Sunda umumna kecap serepan bisa digunakeun boh dina basa lemes boh dina basa loma. Saperti kecap serepan dasi, ember jeung saku bisa digunakeun boh dina basa lemes boh dina basa loma. Tapi aya sawatara kecap serepan, khususna kecap serepan anu asalna tina basa Arab, anu ngan bisa digunakeun dina basa lemes atawa basa loma wungkul.
Kecap serepan nu asalna tina basa Arab nu mangrupa kecap lemes atawa loma saperti kecap maksud dianggap kecap loma (kecap lemesna maksad), kecap abdi dianggap kecap lemes (kecap lomana kuring), kecap waktu dianggap kecap loma (kecap lemesna waktos), jeung sajabana ti eta.
Kata Kunci : Kecap serepan, dasi, ember, saku